
Di handapna loba teki
Lalaki nu kolot pisan
Disebutna aki-aki
Geus lawas teu patepung jeung dulur-dulur nu kungsi babarengan sakola di SMA Muhammadiyah Banjarsari.Teu tepung teh meh ampir 10 tahunan........ sono nataku lantaran jarang panggih, kabayang atuh da rengkak paripolah siswa pigurueun harita.

Heueuh rek bisa mindeng papanggih kumaha atuh da puguh masing -masing ayeuna mah boga pacabakan sewang - sewangan. Ari tempat pancen gawena paburencay di unggal daerah sok sanajan masih keneh aya di tatar Jawa Barat.
Ari nu kabeneran sawewengkon mah osok we silaturahim silih anjangan atawa papanggih lamun kabeneran aya pangabutuh ..hehehe.., wangkongan lamun panggih teu weleh nyaritakeun dimana jeung kumaha kaayaan babaturan sejenna anu ditungtungan silih tanyakeun iraha urang Reuni.
Kahayang Unggal pasca lebaran Idul Fitri ngariung rada lobaan kituna da puguh nu tugas jauh ge teu weleh ngutamakeun datang ka lemah caina seja silaturahim ka kolot jeung papada dulur dilemburna, ngan nyakitu tea deuih kumpul ngariung leuwih loba mah hese da boga acara sewang-sewangan.
Awal bulan September 2011 kuring jeung sabalad-balad ngariung di Cibinuang – Cijulang di bumina Ibu Enok Ani ,(kabeneran pisan buka Rumah Makan). Obrolan geus mimiti nuju kana acara tepung sono bari masing-masing ngebrehken gagasanana lamun acara Riung Mungpulung dilaksanakaeun, aya nu usul sangkan reuni kudu terus diayakeun tiap geus lebaran. Aya oge nu nyarankeun supaya riungan bisa dilaksanakeun minimal satahun sakali.
Timiti harita babaturan nu jauh geus dibejaan da puguh atuh ayeuna mah jaman Teknologi cangih Informasi patalepa make SMS, beja terus disosialisasikeun bari ngabejaan.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar